Ads Top

NASKAH PASANGGIRI BACA WARTA BASA SUNDA



Assalamualaikum,wr.wb.
Pamiarsa numulya, cunduk waktuna kana ACARA WARTA DAERAH dina basa Sunda anu dipidangkeunku HILGA MUTIA NASTITI kalayan dijomantarakeun ku Radio Sukapura, radiona urangkidul
Warta munggaran :
Dina poe Ahad nu geus kaliwat, di ImahSunda, rengrengan Dangiang Sunda Pakidulan (DSP) ngayakeun babadamian dinanyanghareupan acara Milangkala DSP katilu anu diluluguan  ku pupuhu DSP, Ki Darya.
Tina etarempugan nyindekkeun yen acara milangkala DSP baris dilaksanakeun alakadarna,alatan kurangna waragad.
Ki Daryanandeskeun najan waragadna leutik tapi karep anu gede,  milangkala DSP dina taun ieu  bisa dilaksanakeun kalayan nyugemakeun.
Warta salajengna :

Dina awal bulan Maret keneh guru-guru SMPsawilayah Karangnunggal geus tatan-tatan dina nyanghareupan acara Porsitivitastaun 2010.
Unggalpangaping pamilon ti unggal-unggal Sakola miharep anak didikna jadi pinunjul nubaris ngawakilan ka tingkat Kabupaten. Guru pangaping paeh poso pikeun ngudagpangharepan sangkan anak didikna jadi pinunjul.
Pupuhu SMPNegeri 1 Karangnunggal rek mere pangbubungah ka sakumna guru anu bisa ngalatihsiswa kalayan nyangking pinunjul. Ku cara kitu dipiharep jadi pamecut ka parapangaping mata lomba dina eta kagiatan.





                                                                                                                                                                                                                                                                                                71
Pamiarsa anu mulya :
Guru-guru SD nu aya di wewengkon Eks KawadananKarangnunggal ragem ti ayeuna keneh geus tatahar nyiapkeun tim bola poli dinanyanghareupan kagiatan LAKSASDA anu diayakeun ku SMPN 1 Karangnunggal dinabulan Juni nu baris  datang.  Ieu kagiatan miboga tujuan pikeun wadah milihbibit pamula nu miboga bakat, nu aya di wewengkon Eks Kawadanan Karangnunggal.
Pupuhu SMPN1 Karangnunggal, Ade Karyana, S.Pd. miharep sangkan unggal sakola bisangirimkeun kleupna pikeun tandang makalangan dina waktuna.
Warta pamungkas :
Usum hujan taun ieu geus dimimitian.Aparat Kacamatan Karangnungal ngawanti-wanti ka wargana sangkan salawasnawaspada tina usum hujan.
CamatKarangnunggal                                           mere amanat ka sakumna  warga anupadumukanana di sisi gawir jeung di sisi wahangan kudu leuwih ati-ati tinabahaya longsor jeung banjir. Sabab datangna musibah teh teu bisa dibabade. Titaun ka taun pamarentah geus ngalaksanakeun tarekah  sangkan musibah banjir jeung longsor dinausum hujan ieu teu karandapan ku warga.

Sakitu wartadaerah nu kasanggakeun. Wilujeng tepang deui dina waktos sareng gelombang anusami. Hatur nuhun kana perhatosanana. Sim kuring HILGA MUTIA NASTITI seja amitmundur.
Wassalamualaikum wr.wb

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.