Ads Top

CONTO BIANTARA MIELING POE KAMERDEKAAN



Assalamualaikumwr.wb.
Alhamdulillahnahmaduhu wanastainuhu wanastagfiruh, wa naudzubilahi min sururi wa min saiatiamalina mayahdilahu fala mudilalah wa ma yudlilhu fala hadiyalah
Jst......
Puji kalihsyukur urang sanggakeun ka dat anu Maha Kawasa Gusti Alloh Azawazala, dat anuparantos maparin mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadaya. Kalayan dinawangkid ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung paamprok jonghok dina acara......kalayan aya dina ginanjar kawilujengan.
Solawatsinareng salam mugia salalmina ngocor ka Jungjunan urang sadayana Kangjeng NabiMuhammad SAW. Oge ka para kulawargina, ka para sohabatna, kalayan pamugi ayaleleberanana kanggo urang sadayana, anu ngagem ajaran Mantenna. Amin
Dinabiantara ieu sim kuring bade ngabantun jejer “Kalungguhan Paranonoman dinaKahirupan”
Parawargi  hormateun sim kuring,

Upami urangnyawang mangsa ka tukang. Sok kagagas, kumaha prihatinna sepuh-sepuh urangsadaya nu karandapan waktu harita, nalika aranjeunna bajoang pikeunnyinglarkeun kaum penjajah. Aranjeunna cul anak, cul pamajikan, cul hartabanda, saged bari teuneung, ludeung, teu gimir muru ka medan perang. Niatnagilig seja ngabela nagara, teu sudi lamun nagara diranjah deungeun. Aranjeunnadina ngabela nagara estuning taya pambrih.
Hadirinhormateun sim kuring,
Kiwari kuurang karaos genah jeung betah tumaninah hirup tanpa nungarongrong nyatana kasarakahan kaom penjajah. Ieu teh saestuna mangrupa parjoangan sepuh urang nuhirupna leuwih ti heula. Ayeuna aranjeunna tos taya dikieuna.
Ayeuna uranggeus merdeka. Tapi,  merdeka lain hartinaurang tenang-tenang, hare-hare, cicing taya guam, taya gadag. Ulah boga rasamokaha, ulah pedah urang geus bebas tina kungkungan kaum penjajah.
Urang sarereasalaku nonoman tinangtu boga kabeungbeurat dina ngeusian kamerdekaan. Urangkudu bisa ngeusian ku rupa-rupa pangwangunan dina sagala widang.
Tapi omatulah rek salah harti. Dina ngeusian kamerdekaan ieu lain hartina para nonomankudu iilueun nyoren bedil, nyorendang granat. Nya kitu deui, lain kudu ngeukeuweuk tumbak pikeun ngajaga panarajang  deungeun nu rek ngaranjah nagara urang.   Lain.....
Dinapangwangunan, lain hartina urang kudu iilueun ngawangun sakola, ngawangunmadrasah, ngawangun puskesmas. Lain......

                                                                                                                                              
Urangsarerea paranonoman salaku pelajar tinangtu boga kawajiban anu luyu jeungkalungguhan urang sarerea salaku pelajar.
Urang salakupelajar teu kudu milu nyoren bedil, tapi ku cara ngajenan para pajoang nuparantos ngantunkeun urang, anu ayeuna geus taya dikieuna. Ku cara kitu ceukpikir sim kuring, salasahiji sipat bangsa nu boga rasatanggungjawab.
Dinapangwangunan, urang salaku pelajar teu kudu milu ngawangun sakola, madrasahjste. Jadi siswa nu bisa nempatkeun jadi siswa anu miboga pekerti anu luhur,eta oge nurutkeun pikir sim kuring, kaasup nonoman anu boga kriteria nu hade.
Lian tiditataan di luhur dipiharep urang salaku siswa sing bisa jadi siswa anu taat.Taat ka nu nyiptakeun, patuh ka bapa ibu guru, hormat ka indung bapa, silihajenan jeung sasama, nyaah ka sahandapeun. Ku cara kitu urang geus bisa nempatkeun sabagian kalungguhan urangsalaku nonoman dina kahirupan.
Ku gambarandi luhur, urang bisa nyindekkeun geuning kalungguhan urang teh teu saeutik.Tugas paranonoman dina kahirupan  tehgeuning teu gampang.
Atuh kukituna Sim kuring umajak ka para nonoman. Hayu urang ciptakeun nonoman anucageur, bageur, bener, pinter, jeung singer malahmandar urang jaga bisangaheuyeuk dayeuh ngolah nagara kalayan daria. Nu dipambrih bisa nyiptakeunmasarakat anu sejahtera, rukun sauyunan ,repeh-rapih, adil palamatra.
Pamungkaspihatur, hapunten bilih aya catur nu teu kaukur, aya basa anu teu kareka.
Urang teundeun di handeuleum sieum, urang tunda dihanjuang siang, cag....
Tutuslangkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan.
Bilahitaupik wal hidayah. Wassalamualaikum wr.wb

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.