Ads Top

CONTO NARIMA CALON PANGANTEN PAMEGET



Assalamualaikumwr.wb.
Alhamdulillahnahmaduhu wanastainuhu wa nastafioruhu wanaudubilahi min sururi anfusina wa minsaiati amalina mayahdilahu fala mudilalah wama yudlilhu fala hadiyalah.Alhamdulilahiladi ahala nikah waharomasifah, ashadu anla ilaha ilalloh waashadu anna muhamadan abduhu warosuluh, bismilahi binimatil iman wal islam,sodakolohul adzim.

Puji nujadi mimiti mugi ngancik di Gusti Robul Ijati, kalayan mung karana kodratmantenna urang sadaya dina waktos ieu tiasa riung mungpulung paamprok jonghokdina raraga silaturahmi, anu dipatalikeun sareng acara walimatul urus. Solawatkalih salam mugia salalamina dikocorgolontorkeun ka Kanjeng Rosululloh MuhammadSAW. Oge ka parakulawargina, ka parasohabatna, ka tabiin tabiatna tug duga kaumatna muslimin muslimat. Kalayan pamugi urang sadaya kagolong kana umatnakalayan kenging safaat di yaumalkiamah. Amin.

Ti payun sim kuringseja ngahaturkeun nuhun ka pangatur waktu pangjajap acara anu parantos maparinlolongkrang ka sim kuring kanggo sumanggem dina raraga nalikeun tali kaasihnyangreudkeun tali kadeudeuh antawis wanoja Rancamaya Karangnunggal sarengjajaka gandang ti teureuh  Cianjur.
Awitanieu pisanggem sim kuring seja ngahaturkeun wilujeng sumping ka para tatamu anusae semu ka para nonoman anu sae manah ti tatar dayuh Cianjur, utamina kulawargijembar Bapa Anda Suhanda (suwargi) kalih Ibu Soipah. Kalayan nyanggakeun jagongtuhur beunang ngunun bagea ka sadaya anu sumping, nyanggakeun tutut gunung kongreuma sumanga sing raos calik.
Teu hilapsim kuring ngahaturkeun nuhun ka parawargianu moal diwincik hiji-hiji anuparantos nawiskeun kaasih diri, ka sadaya anu lenggah anu moal ditatan sadaya anuparantos masrahkeun kaleah manah mapag rombongan anu dianti-anti ti tatadi  diajam ti anggalna, malah dianti ti kamaridiantos ti bareto.
Parabapa kalih paraibu hormateun sim kuring,
Mangrupi bewara kasadaya anu harempak dina ieu pajemuhan, rehna dina dinten ieu alhandulilahwasukrulilah, saebul maksad Kulawargi Bapa Undang Hadiat kalih Ibu Karwati sakalih nuju mendak kabingah. Kabingah anu taya papadana,lir karugrugan madu karagragan menyan putih. Kabingah anu taya wates wangenna,lir gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi. Saur Ki Dalang tea mahbingah-bingah amarwata suta bingah ka giri-giri, rehing nu dianti ti tatadiparantos simping, nu diajam ti angggalna parantoslenggah, parantos aya di payuneun urang sadaya. Kacipta alum ngungunna,tinangtos kuciwa nu taya papadana saupami nu dianti teu aya sumping nu diajam taya lenggah. Ieu teh rupina salasawios kaasih ti Gusti Robul Ijati,welasna Nu Maha Kawasa, Gusti Alloh Azawazala ka umatna anu kasipatan rohmansinareng rohim.  Mung puji kalih rasasyukur anu tiasa kasanggakeun ka Mantenna.
                                                                                                                                                6

Lintang  sihapunten anu kasanggakeun rehna dinapanampianana estuning dilalaworakeun pisan. Calikna dina pangcalikan anu kirang utami, lenggahna dinapanglenggahan anu kirang sampurna. Boa-boa keuna kana paripaos werit ku budisareng parangi, tebih tina basa utami anggang tina basa utama. Ku kituna neda agung nya paralun neda jembarhapuntenna.  Sanes teu hoyongngabageakeun kana kasumpingan para tatamu, rupina jalaran heureut ku pakeunpungsat ku bahan tuna tina subasita, mung sakieu nya kamampuhan. Mugia parabapaparaibu pinisepuh sadaya nawakup tina sanes kanten katuta sareng kakirang. Mugia henteu ngirangan rasa hormat.
Parawargi nu sami-samirawuh hormateun sim kuring,
Tadi parantos kakupingkasauran ti wawakil rombongan Calon Panganten Pameget. Anjeunna parantosmasrahkeun calonpanganten pameget wastana Dasep Kurniawan awakna sakujur.  Sanggem paripaosnati luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal. Rambutna salambar, getihnasatetes, ambekanana sadami. Kabodoanana, kaireungtalingeuhana, katinggangpangpung diudag maung sanggem paripaosna, parantos disanggakeun, kanggodidahupkeun sareng pun anak di dieu wastana Dedeh Krismayanti.
Sateuacanna sim kuringnampi, aya anu peryogi kauninga hususna ku Cep Dasep Kuniawan kalih Ibuna nyakitu deui wargi-wargina. Rehna Pun anak Dedeh Krismayanti teh upami disebatkeun atah tea mah masih keneh atah. Atah kupangwarah tebih ku pangatik, masih keneh meryogikeun pangaping, pangjaring,kalih pangjurung ti nu janten sepuh pibekeleun lakirabi malah mandar tiasangawangun rumah tangga anu runtut raut repeh rapih, bari luhur kuta gede dunya.
Kalihna ti eta, tadikakuping yen Cep Dasep dongkapna ka dieuna teh henteu jingjing henteu bawa.Hente pasar-henteu peser-henteu pasir, henteu kapal-henteukeupeul,  estuning indit ngan ngaligincing datang ngan ngalongkewang. Sanggemparipaosna cunduk ngan ukur mawa curuk datang ngan ukur mawa tarang, curukbuntung tarang ge pinuh ku kesang. Cep Dasep nu kasep,  teu sawios-wios dadi dieu oge teu disampakkeun nanaon. Mung disampakkeun Neng Dedeh anu gaduh raheut ti kapungkur. Raheut sanes  saraheut-raheutna, legok sanessalegok-legokna. Estuna raheut asli ti ajali, raheut bawana ti kudrat, pikeunneundeun kadeudeuh, nembrakkeun rasa kanyaah dina mangsa rumah tangga
Parawargi,cacandakan mah teu patos diantos-antos, nu utamina mah Kang Dasepna. Sanessareng cacandakanana tapi sareng nu dicacandakanana, nya eta talutug nahun, nahun namungna weuteuhan mulushenteu karahaan keur ngaseukan pawinihan. Neng Dedeh teu patos nganticacandakan, nu dianti ku pun anak teh nya eta Kang Dasep  sareng nu dicacandakna, nu ngaringkuk saprtoskuuk, nu ngarengkol sapertos kohkol sok sanaos sakapeung mah sok ngompaol,najan sakapeung mah mun katiisan sok hipu alahbatan tahu, upama kahaneutan mahsok ngabata sapertos batu najan sakapeung mah cenah  sok bitu.
Parawargi, anu majarteu jingjing teu bawa teh geuning teu burung rebo, katingal ngaleut ngeungkeuyngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang, ngaleut bari tatanggeuyan, ngembatbari cacandakan, ngalabring teh bari ngajaringjing.  Saleresna mah pribumi di dieu henteu owelannganti-nganti kikiriman. Sanggem sisindiran tea mah kulit awi sesebitanngantian soteh jinisna mung sarupi Cep Dasep ulah deuk lemor senjata, nu gaduhpamor nu nunggal panuhun henteu kakantun.                                                                                         7
Kantenan ieu Cep Dasep sumpingna  disarengan ku cacandakanana. Ngahaturkeunnuhun kana kasaeanana. Pamugi cacandakan nu mangrupi tawis  kaasih tilam katresna, kanyaah ti nu janten sepuhna sing janten jimat dinangawangun rumah tanggana.
Parabapa kalih paraibu anu sami-sami rawuh hormateun sim kuring,
Bilih janten mawur kucatur, mencar ku carita, sim kuring bade ngadugikeun galeuhna ieu pisanggem.
Sim kuring ngabantunasmana Kulawargi Bapa Undang Hadiat diwuwuh ku para sepuh, disakseni kukadangwargi, kalayan dikawitan ku aosan Bismilahhirohmani rohimi, sanes kanten anu parantos disaurkeun kalayan dipasrahkeunku wawakil ti rombongan Calon Panganten Pameget  tadi DITAMPI,ditampi ku hasta kalih disuhun dina embun-embunan, disangga kalingga murdadisarengan ku ati anu wening manah anu setra.
Pamugi Neng Dedeh  sareng Cep Dasep  tiasa kauntun tipungkatambang beas laksana kapiduriat, dikobul ka bale nyungcung. Atuhcacandakanana sing janten jimat maranehna dina mungkas mangsa lalagasan. InsyaAlloh moal lami deui baris ngajatukrami.
Salajengna, dina raragangawangun rumah tangga pamugi Neng Dedeh sareng Cep Dasep tiasa ngawangun rumahtangga anu sakinah mawadah wa rohmah, tiasa hirup sauyunan, sareundeuk saigel,saketek sapihanan, sabata sarimbagan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak,runtut raut sapapait samamanis sabagja sacilaka, jatnika lahir jeung batin.
Aya amanat ti nu jantensepuhna, hususna ka Neng Dedeh oge ka calon baturhirupna, mugia salawasna nyangking lalayang panca gapura waluya. Lalayang tehjimat. Pancahartosna lima, gapura hartosna lawang atawa jalan, waluya teh salamet. Nyangking limajimat pikeun muru jalan kana kasalametan. Nya eta cageur, bageur, bener,pinter, jeung singer. Ngan kahade ulah kabalinger.
Bilih ieu pisanggemjanten seueur catur tanpa bukur, sim kuring seja mungkasan ieu pisanggem.
Sateuacanna mungkur,sim kuring neda sihapunten bilih aya catur anu teu kaukur, bilih aya basa anuteu kareka. Bilih aya kekedalan sim kuring anu teu nyurup undak-usukna teuningang kana wirahmana, mugi agung nya paralun muga jembar nya haksami.
Panitih matana opat, nuhiji matana inten, boh bilih aya nu lepat, mugi kersa ngahapunten.
Urang teundeun dihandeuleum sieum, urang tunda di hanjuang siang, pikeun cokoteun sampeureun namangsa nu baris datang, na handeuleun neundeun katineung, na hanjuang nundakamlang, cag ah..
Tutus langkung kepanghalang, bobo sapanon carang sapakan. Bilahi taufik wal hidayah.Wassalamualaikum wr.wb.

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.